Sesebutan ka jalma

Sesebutan ka jalma tina patokan tingkah laku

Pakokolot supa = umurna meh sarua
Mata simeuteun = Lamun nenjo, panonna teungiceup-ngiceup
Kentel peujit = daek tirakat (prihatin)
Jauh ka bedug = dusun euweuh ka nyaho
Ipis biwir = babari ceurik
Laer gado = culamit
Panjang lengkah = lega pamikiranana
Pondok lengkah = heureut pamikiranana
Kandel kulit beungeut = teu boga kaera
Teu boga beungeut = heureut pamikiranana
Kandel kulit beungeut = teu boga kaera
Teu boga beungeut = ngarasa era
Teu boga polo = teu boga pamikiran
Pait daging, pahang tulang = jauh tina panyakit
Paeh poso = digawe pohoi kacape
Caang pikiran = jembar panalarna
Geus beunta = kahirupanana cukup
Leuleus kejo poena = begeur kakotnakeun
Pahatu lalis = geus teu boga indung bapa
Tinggar kalongeun = sering hanguleng upama dititah
Careham hayameun = barang dahar bae
Jadi kokojona = pamingpinna
Jadi bentangna = pang hadean
Jadi dalangna = anu ngabobotohanana
Jadi cacing cauna = saukur jadi pangiring
Kapas kalamerona = goring patut (panggorengna)
Asa pangakangna = boga rasa pangpinterna
Asa jadi rajana = boga rasa pangkawasana
Rodek hulu = dianggap budak teu boga kanyaho
Leuleus awak = daekan
Ngegel curuk = nyamos teu kabagian
Bengkok tikoro = teu kabeneran
Gede hate = ludeung, leber wawanen
Teu boga cedo = henteu boga tatakrama
Amis budi = akuan, someah
Landung kandungan = gede pertimbangan
Adil palamarta = wijaksana
Leutik burih = teu boga wawanen/kawani
Bilih aya anu kalangkung, mangga tambihan...cag

0 KOMENTAR